Materi Basa Sunda - Kelas 3 SDIT AT-TAQWA

Dikutip:

Judul buku: Diajar Basa Sunda Kelas III SD/MI

Pengarang: Dietje Heryani dan Fika Yusnita

Penerbit: Yudhistira


"Usum Katiga jeung Usum Ngijih"


Usum-usuman nu kasorang di wewengkon sabudeureun hatulistiwa, aya dua nya eta usum katiga jeung usum ngijih. Tapi aya oge nu disebut usum dangdarat jeung usum mamareng.

Usum dangdarat nya eta usum panyelang antara ngijih jeung katiga, hujan jeung halodo paselang kakapengan. Kaayaan alam dina usum dangdarat, sakeudeung turun hujan, tapi teu lila robah deui jadi garing tur panas.

Usum mamareng leuwih puguh, hawa geus karasa leuwih tiis, langit mindeng ceudeum, nandakeun yen moal lila deui, bakal datang usum ngijih.

Datangna usum ngijih mawa berekah keur patani, ku turunna hujan pagawean tatanen bisa dimimitian, bisa mitembeyan ngagarap sawah, macul lahan kebon oge leuwih babari, lantaran taneuhna riduh kahujanan.

..... 

Note: kutipan ini ditulis untuk kepentingan pribadi dalam mengajar dan sebagai media pembelajaran dimasa pandemi.

Komentar

Postingan Populer